BASA ANU LEUNGIT DIANTARA SORA
by: Yunna Dasniar
Di hiji poé Minggu, di alun-alun leutik Lembur Ciparay, aya saurang nonoman ngaranna Ajon. Manéhna sok datang unggal Minggu pikeun nongkrong jeung babaturanana bari maén gitar jeung nyanyi lagu-lagu anyar. Basa nu dipaké sapopoéna ku maranéhna téh campur: aya basa Sunda, basa Indonesia, jeung saeutik basa Inggris.
“Bro, urang latihan deui, tapi lagu nu anyar atuh, nu trending di TikTok!” ceuk Ekin, sobatna.
Ajon ngangguk bari nyarengkeun gitar. “Oké, tapi ayeuna urang hayang cobaan hiji hal beda. Urang hayang
nyieun lagu maké basa Sunda.”
Sagala jelema eureun saheulaanan bari nempo Ajon. Aya nu seuri.
“Eh, basa Sunda? Moal aya nu ngadéngé atuh, palingan dianggap kampungan,” ceuk
salah sahiji sobatna
nyaeta Ghian bari
nyengir.
Ajon seuri leutik. “Nya, meureun. Tapi lamun urang sorangan teu ngajaga basa sorangan, saha deui? Lain
kudu maksa, tapi
sakali-kali hayu urang
nyoba.”
Malemna, sanggeus ti alun-alun, Ajon balik ka imah. Manéhna tuluy nulis dina buku catetan: “Urang hayang ngahirupkeun deui basa urang, sanajan ngan dina lagu.”
Manéhna inget ka almarhum
aki-na, anu sok nyarita maké basa Sunda
halus, nepi ka ayeuna masih kadéngé dina ingetanana: “Ulah poho kana basa sorangan, sabab di ditu aya jati
dirina.”
Peuting éta, Ajon nyieun lagu sederhana. Lirikna campur antara basa Sunda jeung basa Indonesia, tapi eusina jero, nyaritakeun ngeunaan nonoman anu ngimpi tapi henteu mopohokeun akar budayana.
Isukna, di alun-alun, Ajon mutuskeun pikeun nembongkeun lagu éta. “Judulna Lemes Dina Sora Kota,” ceuk Ajon bari seuri gugup.
Manéhna mimiti nyanyi. Sora lemesna ngagambarkeun kahaneutan lembur, jeung kecap-kecap Sunda nu jarang kadéngé ayeuna jadi nyusup kana hate nu ngadéngé.
Sanggeus réngsé, teu disangka loba nu ngadéngé bungah.
“Eh, keren pisan, Da! Jadi béda!”
ceuk Ekin.
“Sok sanajan basa Sunda, tapi jadi leuwih nyentuh,” tambah Ghian bari tepuk tangan.
Ti harita, unggal minggu, kelompok Ajon sok maénkeun lagu-lagu anyar nu maké basa Sunda. Aya nu lucu, aya nu romantis, aya nu ngajarkeun hirup.
Lamun aya nu nanya naha
manéhna teu sieun
dianggap teu modern,
Ajon ngan ngajawab,
“Modern téh lain hartina kudu mopohokeun akar. Basa téh cermin jiwa urang. Lamun urang leungit
basa, urang leungit bagian tina diri sorangan.”
Tina harita, loba nonoman di lembur éta mimiti ngagunakeun deui basa Sunda dina sapopoé. Aya nu nulis puisi, aya nu nyieun vlog maké basa Sunda, malah aya nu ngadamel kaos kalimatna “Basa téh jati diri urang.”
Malam Minggu di alun-alun Ciparay henteu deui ngan tempat nongkrong. Ayeuna jadi tempat hirupna basa, di antara sora gitar jeung tawa para pamuda anu sadar yén basa téh lain ukur alat nyarita, tapi jembatan antara jaman baheula jeung masa
No comments:
Post a Comment